-->

Matahari Sudah Terbit, Jangan Tidur Melulu!

Duh ieu mah ujang ari maneh kalakah he-es wae. Itu sarangenge ngeus aya di luhur. Dawuh Rasul anu agung "mugia Allah ngaberkahan aranjeun dina waktos enjing-enjing."

Tapi eta aya syaratnya. Da teu mungkin Rasul pinilih anu mulya ngawurukan kudu ngarengkol wae mah. Boro-boro batur mitoha oge moal resepen ka minantu kitu mah.

Matahari Sudah Terbit, Jangan Tidur Melulu!
Matahari Sudah Terbit, Jangan Tidur Melulu!


Alusna mah salaku pamuda jeung jalma ngora siga hidep hirup teh kudu rancage jeung daek gawe. Ulah ngagugu kahoream ari hirup.

Batur mah ngeus nyieun kapal, nyieun pesawat udara, bisa neuleuman sagara, jeung ngaliangan lemah. Naha ari maneh hayoh wae ngaliangan kasur.

Buru-buru sing sage. Ulah udar tina tali wanda. Kade poho urang ka purwa daksi. Urang teh turunan nabi, kade ujang sing inget.

Sok sanajan urang teh aya dina zaman modern anu serba canggih kade eta kabeh ulah ngajadikeun urang poho kana ibadah.

Memang eta oge, ku alatan urang loba gaul jeung barang-barang canggih anu bisa ngabantuan hirup urang leuwih gampang tur gancang, eta sok ngajadikeun urang sok poho.

Naha poho kana naon? 

Eta urang sok poho, rarasaan eta kabeh meunang nyiptakeun urang. Asa meunang mikir urang, hasi tina akal budi urang. padahal mah lamun di lenyepan mah eta teh salah kacida. Da geuning can aya jelema nu bisaeun nyiptakeun panon-panon acan.

Kukituna hayu urang caangkeun deui akal urang ku elmu-elmu Islam. Kade elmu jeung akhlak ngahiji. Urang kudu perhatian kana amalan-amalan agama. Sabab sing saha anu teu ngalakonan agama bakal dijajah ku bangsa deungeun atau manehna sorangan mental na bakal boga mental budak kuli babu.
LihatTutupKomentar